Kamis, 04 April 2013

DI TILANG

udin di eureun keun ku polisi pedah norobos lampu merah,,

polisi geus ngajega hareupeun udin,,nunjuk bari ngomong
 "Stooooppppp,,,,,,"

 spontan udin nembal bari lunggak linggeuk
 "kau mencuri hatiku,,,,hatikuu,,,stooopp kau mencuri hatikuuu,," 

polisi gogodeg trus nyentak deui ka udin
 "Heuuuuuppp,,,"


 udin spontan deui ngajawab
 "kau mencuri hatikuuu,,,hatikuuu,,,heuuupp kau mencuri hatikuuu,,,,''

 polisi aral tungtungna nyarita ''geus siah jig ka ditu jalan ah''

FORMALIN


icih : kang,ai formalin teh naon,,,?

udin : formalin teh eta teh bahan pengawettt,,,

icih : ooooouuuhhhhh,,,,

"pas isuk na icih nyampak keur ngeueuman duit"

udin : keur maneh sarciiihh,,,???

icih : iyeu kang keur ngeu'euman duit gajih akang nu peuting,,iyeu keur di keueum tina cai campuran formalin meh awet kang,,,

udin : Astagfhfirullaaah,,aya ku jiniuss kiyeu gustiiiii pun bojo

SETENGAH JUTA

adul : cup beuli tah lah hape uing,,kop wani sabaraha maneh,?

Ucup : ah hape kitu mah 600rebu


Adul : ulah atuh cup euy,,


Ucup : setengah juta atuh,,


Adul ; tah mun sakitu mah,,daek,,,

HUJAN VS JAS HUJAN

Adul nu rek ngajemput neng rina, di jalan kahujanan,,,terus weh make jas hujan heula,,,,ari pas adul geus make kumplit jas hujan na,,,eh hujan na kalahkah raat,,terus weh adul cicing heula di sisi jalan,,,Neng rina nu geus kesel nungguan adul nelp

 "hallow,,aa naha meni lami gening,,kan hujan na oge tos raat"

 trus adul nembalan kiyeu :

 "enya da hujan na raat jadi aa teh nungguan heula hujan na turun deui,,da kagok tos ngangge jas hujan atuh aa teh,,"

DI SEBUT GEULIS


icih : kang tadi icih di sebut goreng patut gera ku batur,,


udin : heueuh bae atuh ciih,,tarimakeun wee


icih : terus icih di sebut hideung gera kang


udin : heueuh keun weee sing sabar atuh ciih,,


icih : tapi aya nu nyebut geulis ge kang,,


udin : saha nu ngomong geulis ka maneh cih,,kurang ajar jelema teh,,fitnah cih eta mah fitnah,,di kampak siah nya ku dewek tah jelema teh,,,

ES KALAPA MUDA

panas panas kiyeu udin keur susuruputan nuang es kalapa muda tina mangkok,,torojol adul,,

"pa naon eta" ceuk adul,,

na pikiran udin mun ngomong eta es kalapa muda pasti si adul bakal menta,
,tungtung na udin ngajawab kiyeu 

"oh iyeu dul,,apa keur nambul sayur sop" tembal udin..

"oh sayur sop pa,,,sayur sop mah,,ngeunah na make sangu geura pa yeuh,,," ceuk adul bari ngeduk sangu terus di kana es kalapa muda keun,,

"sakalian dull mana kurupuk na lah" ceuk udin tambah kesel,,

NGAHEUREUYAN AWEWE

adul : hayyyy meraaahhh (sabab awewe na make baju beureum)

awewe : hayy juga hitaaammm


adul : naha neng pan acuk abi mah biru,,sanes hideung,,


awewe : enya da abi mah kana raray sanes kana acuk,,


adul : ajig teh,,"ngaleos deui"

MEULI BALON

adul : mang meser balon mang,,

t. dagang : mangga cep..sok bade warna naon cep,,


adul : merah mang,,kuning mang,,hijau mang,,di langit yang biru mang,,,pelukis mu agung mang,,siapa gerangan mang,,


t. dagang : harr eta budak pelangi pelangi ciptaan Tuhan,,,

GANTI NOMOR

Adul : ma,,mana hape,,, diyeu,,adul rek make nomor nu anyar,,,

icih : eeeeh ulah,,,ngke mun si apa nelf kanu nomor iyeu kumaha,,


adul : enya kartu nu eta na sakuan ku ema,,,da mun si apa nelf mah bakal karasa ngageter kartu na,,,


icih : oh kitu,,yeuh atuh,,

I LOVE YOU

Ucil : dulll,,ai maneh geus teu normal,,??? jol jol nga sms 'I love you' ka urang

Adul : ngeunah wae,,uing mah masih normal,,sms eta uing salah kirim,,


Ucil : rek nga sms ka saha kitu maneh,?


Adul : ka si ucup,

GUGAH KEUN

Tina SMS

Neng Rina : a,,,neng tidur ti payun nya,,ngke tabuh 12 atau tabuh hiji,,gugah keun neng nya,,,bade tahajud
 

adul : enya neng siapp,,tapi mun aa hilap ingetan ku neng nya
 

N. Rina : enya a,,,

pas peuting kira kira jam 12 leuwihan SMS deui,,,

N. rina : a adul,,cenah bade ngagugah neng rina...


adul : eh enya neng hilap,,,
( terus weh adul nelp )

 
adul : neng gugah neng gugaaah,,cenah bade Tahajud,,


N. Rina : enya aa adull,,,duh untung weeh ah di gugah keun,,,

Anu belet saha tah,,???

Rabu, 27 Maret 2013

ADUL

naha da sabener namah uing jeung si kristian Ronaldo teh teu pati bedah jauh rarasaan mah,,,

Ngan pedah itu kasep uing goreng,,,itu jangkung uing pendek,,itu bodas uing rada hawuk,,,eta hungkul pera oge


"ceuk adul"

Jumat, 22 Maret 2013

Guru ; aduul saminggu aya sabaraha poe..??

Adul : genep buu,,

Guru : tujuh belegug,,

Adul : ibu nu belegug,,sok itung gera,,

Guru ; senen,,salasa,,rebo, kemis, juma'ah,,sabtu, jeung minggu,,

Adul : minggu mah tong di itung atuh pan libur

Kamis, 21 Maret 2013

ADUL VS CALANA SEKSI

adul : neng naha,,teu tiris ngangge calana seksi kitu,?

awewe : ah si akang mah teu gaul,,keur usum kang,


adul : abi mah teu naros gaul henteu na,,usum hnteu na,,naros tiris teu,,?


awewe : nya tiris atuh,,naha akang teu kabita kitu abi ngangge calana seksi kiyeu,,


adul : Astaghfirullah dosa neng,,


awewe : abi mah teu naros dosa hnteu na,,naros teh,,kabita teu,,?


adul : nya kabita atuh


( Bersambung )

CURHAT ADUL

uing mah kapok ah jadi artis teh jadi penyanyi teh,,
pernah uing hiji mangsa show nyanyi bareng jeung artis artis sejen na tapi henteu ari duet mah,,

ngan eta wee anu neuteuli matak nyeri hate na teh ku babasaan pambawa acara na,,

naha ari ka artis nu sejen mah meni genah babasaan na teh kiyeu gening,,
" Mari lah sama sama kita TAMPILKAN Afgaaaann,,,atawa,,Ariiiielll,,Atawa saha we lah misal na " 

nhaaaa ari pas bagean uing nu rek tampil,,da kiyeu babasaan na teh,,

 " Mari lah sama sama kita TAMPILING,,,,Aaduuuuullll,, " 

tah sok rek teu nyeri hate kumaha uing,

ADUL BUDAK TELENGES

adul katelah si budak telenges ka kolot, 

hiji mangsa adul jeung udin bapa na leumpang bareng di pasar anu sakitu loba jelema

 "pa, wani teu balap lumpat jeung adul" ceuk adul ka bapa na

 "wani sok lah" tembal udin nu asa ka tangtang ku nu jadi budak ,

"sok, pa,,,ku  adul itung nya hijiiiiii,,,,duaaa,,,tiluuuu,," ceuk adul 

semet itungan ka tilu belenyeng teh udin lumpat satarik na bari gulak gilek tina loba jelema eta,,
semet keur udin lumpat,,jorowok teh adul ngajorowok  bari nunjuk ka udin nu keur lumpat "bangsaaaaaaat,,,,bangsaaaaaaaatttt,,," 

atuh udin genjur di tareunggeulan ku jalma sa pasar,,


,"koplok teh anak aing heureuy na hade euyy" ceuk udin bari geus babak belur,,

UDIN JAGO HIPNOTIS

tina carita iyeu udin jago hipnotis,

ti lembur na aya hiji panganten anyar awewe na geulis montok seksi,,pokonamah pikabitaeun weh,,

hiji mangsa pangenten anyar eta pasea gede nepi ka lalaki na abur aburan,,,sabab awewe na goreng adat,,sakali pasea lalakina arek di kadek di kadek wae mun teu kaburu kabur mah,,,,

udin nu teu apal panganten eta keur pasea gede, nganjang ka imah panganten anyar eta, niat na goreng nyaeta rek ngahipnotis panganten awewe na anu sakitu pikabitaeun na,,

nyampak keur awewe na sorangan da puguh lalaki na euweuh sieun di kadek tea ku awewe na,,,

singkat carita der weh udin ngahipnotis

 "tina itungan ka tilu,,anjeun ningali urang bakal kawas ningali salaki anjeun" Puuaaahh,,,,ceuk udin,,


bener wee eta awewe ka hipnotis ku udin,,pas ningali beungeut udin nu katingali na beungeut salaki na,,belenyeng eta awewe ka dapur nyokot bedog,,
,
teuing kumaha tah nasib udin ti harita,,

FACEBOOK GANCANG

Anu rumasa facebook na lemot,,
kudu bersyukur, sabab tong salah ku gancang gancang na jaringan facebook bisa nyilakakeun nepi ngaleungit keun nyawa,,
teu percaya,,,???
 kiyeu carita na teh,,

hiji awewe up date status tina FB na kiyeu "mau mie aya ih" 
 saking gancang gancang na jaringan FB na teu lila torojol lalaki mangmawakeun mie ayam,,

 teu lila awewe eta up date status deui "udah makan mie ayam, kaya nya enak nih minum yang seger seger" teu lila ti harita oge torojol deui lalaki mawa jus jeruk,,,

terakhir awewe eta up date status deui kiyeu "Ihhhh,,,pengen deh di tembak cowo"

 teu lila torojol adul mawa bedil "oh iyeu sugan awewe nu hayang di bedil teh" ceuk adul bari Jedder teh awewe eta di bedil ku adul...

tah ku kitu na bersyukur nya anu FB na lemot